Kembang melati jatining iman anu
sajati kersaning Alloh anu maha suci, kembang cempaka rasa nyaah jeung cinta
kasasama kersaning Alloh anu maha kawasa tur gagah perkasa, kembang mawar rasa
hayang motekar anu mekar dina taar kersaning Alloh anu maha beunghar tur anu
maha kohar, puji anu jadi wincikan ati, hayu urang sami-sami cicikeun ka Dzat
Alloh anu maha suci anu nyakrawati langit sinareng bumi, puja anu jadi sapta
subaya anu mangkak dina dada, sumangga urang sami-sami sanggakeun ka Dzat Alloh
anu maha kawasa anu nyakrawala alam dunya sareng sadaya isina. Sholawat
miwah salam hayu urang kocorkeun kajungjunan alam, anu nyandak pedoman
kasalametan, nyatana Kanjeng Nabi Muhammah SAW.
Cunduk
waktu anu rahayu, ninggang mangsa nu utama, melati linggarna ati cempaka
mangkakna dada, kembang tanjung nu gumulung, acara mimiti dipiteumbeyan
lalangsa pananya hate ayuna urang singraykun, geusan mapag balebat tibelah
wetan rek berlayar tarik jangkar, Namung samemeh kebatna lumampah ranggeyan
mata acara urang sebatan heula
Ka I : Bubuka ku pangaosan ayat suci al-Quran
Ka II : Seren
bakal pangaten di tema ku penampian
Ka III : Akad tikah disusul ku hormat sungkem
Ka IV : Sesepuh ngawur piwuruk
Ka V : Do’a acara dipapas ku pamungkas
Supados teu nyangkolong kana
waktos, acara urang sami-sami gulurkeun. Nyukcruk jalur sunah Rosul pedah aya mapag
anu diseja, nu dipalar maksad hasil tong petot urang tawakal, geus lumrah keur sakumna
umat Islam dimana rek milampah hade ngaoskeun ayat Basmalah, sumangga urang rampak sasarengan ngaosken
ayat Basmalah……………
I
Supados acara langkung barokah urang kawitan ku kalimah thoyibah supados
di tuturken
II
Hadirin kadang mulya
Mun berlayar tampa kemudi
Palang siang katambias
Mun hirup tampa kendli
Pakang siang bakal
sasab
Poekeun jalan lengiten udagan nganbagja keur
sakumaha umat islam hirpna teh boga pedoman serta gaduh lelenjer boktosna
kitabAl-qura’n.Bisi parang sasab mun berlayar katambias. Rampang reumpeng
poekeun jalan srangan, sangkan manah jadi ca’ang gulinggah ku katen treman
kalawan maksa ibadah sumangga urang sami samidanguken aosan ayat suci Al-quran
anu bade di gulindengken ku…… sumangga anu ka papancenan tugas dihaturanan
majeung ka payun.
Komentaar :
gulindengna kalam Illahi mapaler hate anu cape, ngupahan manah anu susah rembes
nimbus kana sanubari sumarambah kana bayah sumaleket kana hate, nyaliara
minuhan awak, sok komo ngartos kana
ma’nana, cacakan kudirarampa geuning nikmat karaosna, dedel pandu’a kanu maha
suci mugia ageing manfa’atna, kanu ngaosna kalih ka urang sadaya.
III. SEREN BAKAL PANGANTEN
Salenting
mawaning angin, kolepat mawaning kilat, manggih beja aya jajaka arek nyaba, rek
ngungsi janji pasini, rek ngaguar subaya anu katunda, brul ngagimbung, bral
ngarantai, legedeut aleutanana, kalayang kakara angkat paying tilu
ungkuy-ungkuyan, paying cawati pandeuri, paying kawatna tiheula, ngaleut
ngeungkeuy ngabandaleut, ngambat-ngambat nyantang pinang, gurat badag pasejaan,
tos kateguh namun wincikan pangeusi galih guaran kandungan manah eta mah teu
acan kataroh, geusan ngabejer beaskeunana, sumangga wawakil tipara tamu
dihaturanan tandang makalang, sumangga waktosna…………….
Komentar :
Hadirin kadang mitra sadaya, sakitu pisaur sepuh wawakil tipara tatamu, diguar
paragat nemrak, sihoreng simana horeng keuna kana paribahasa, caang bulan
ambil-ambilan, turuktuk hayam kamantu, seja ngambil tuang putra, purah nutu
purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit purah tunggu imah
gede kituna the bari nykel tutungkusanana.
IV. NAMPI PANGANTEN
Gununhg
luhur tanpa tutugan kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa sisi kulegana.
Bawiraos kabingah pribumi mah langkung tikitu, bilih tamu pundung manten enggal
geura bejakeun, sumangga atas nami sesepuh tipanganten istri supados nampi kana
seren bakal calon panganten pameget anu kapasihan kapapancenan supados majeng.
Komentar :
sakitu pisaur sepuh tipanganten isteri yen tuisepuh, tidua belah pihakna
sami-sami ikrar manah ragem seja bebesanan.
V. PENYERAHAN SECARA SIMBOLIS
Gerentes
manah panganten istri, sok sanajan si Aa teu junjang teu jinjing, teu buwu teu
bawa, teu kapal teu keupeul sawios asak nyandak hiji pestol ani diisi ku dua
pelor, da yakin tipihak pameget geus kuat pisik kuat pesak jeung geus kuat
pasek dasumpingna kadieu oge lain bade ngadukeun kagaduhan tapi ngan sakedar
bade ngadukeun gagaduhan, sumangga tiatas nami sesepuh panganten pameget pikeun
ngahaturkeun cacandakanana.
VI. AKAD TIKAH
Melati
linggar na ati, cempaka mangkak na dada, hate ratug tutungguilan mareng cinta
jeung cita, rek dimaprokkeun, guar mugaran nukelar jadi cimata, nya mangsana
kedal cinta beber layar tarik jangkar, jangji asih anu bahari rek dipatri
kujatuk rami.
Hadirin,
Sami-sami
kasaksen yen tisepuh dua pihakanana sami-sami ikrar manah, rumojong kana
kahoyong para putrana manjing kana sisindiran batu turun keusik naek.
Kalapa tonggoheunana,
itu purun itu daek sarua pada bogoheunana, ieu wayang itu wayang, wayangna
wayang arjuna, itu haying itu haying tapi hayangna ulah waka ngudar tali
kolorna, keur mungkas carita lagas lalakon waktu remaja jok anjlok ka dunya
anyar sasalumputan, duh ieu laksana kabala nyuingcung, gapuraning gapura rumah
tangga laksana kapiduriat pepek serat kantun rukun, akad tikan anu teu acan,
sumangga ka patugas KUA nyakitu kabapa Amil supados ngagarap hancenganana.