Saturday, February 2, 2019

Contoh MC Nikah Bahasa Sunda


      

          Kembang melati jatining iman anu sajati kersaning Alloh anu maha suci, kembang cempaka rasa nyaah jeung cinta kasasama kersaning Alloh anu maha kawasa tur gagah perkasa, kembang mawar rasa hayang motekar anu mekar dina taar kersaning Alloh anu maha beunghar tur anu maha kohar, puji anu jadi wincikan ati, hayu urang sami-sami cicikeun ka Dzat Alloh anu maha suci anu nyakrawati langit sinareng bumi, puja anu jadi sapta subaya anu mangkak dina dada, sumangga urang sami-sami sanggakeun ka Dzat  Alloh  anu maha kawasa anu nyakrawala alam dunya sareng sadaya isina. Sholawat miwah salam hayu urang kocorkeun kajungjunan alam, anu nyandak pedoman kasalametan, nyatana Kanjeng Nabi Muhammah SAW.
Para sesepuh lelenjer tuturus turunan para pupuhu papayung ieu nagara…….
Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa nu utama, melati linggarna ati cempaka mangkakna dada, kembang tanjung nu gumulung, acara mimiti dipiteumbeyan lalangsa pananya hate ayuna urang singraykun, geusan mapag balebat tibelah wetan rek berlayar tarik jangkar, Namung samemeh kebatna lumampah ranggeyan mata acara urang sebatan heula
Ka I     : Bubuka ku pangaosan ayat suci al-Quran
Ka II    : Seren  bakal pangaten di tema ku penampian
Ka III  : Akad tikah disusul ku hormat sungkem
Ka IV  : Sesepuh ngawur piwuruk
Ka V   : Do’a acara dipapas ku pamungkas

             Supados teu nyangkolong kana waktos, acara urang sami-sami gulurkeun. Nyukcruk jalur sunah Rosul pedah aya mapag anu diseja, nu dipalar maksad hasil tong petot urang tawakal, geus lumrah keur sakumna umat Islam dimana rek milampah hade ngaoskeun ayat Basmalah,  sumangga urang rampak sasarengan ngaosken ayat Basmalah……………
        I     Supados acara langkung barokah urang kawitan ku kalimah thoyibah supados di tuturken
       II     Hadirin kadang mulya
                         Mun berlayar tampa kemudi
                         Palang siang katambias
                         Mun hirup tampa kendli
                         Pakang siang bakal sasab
  Poekeun jalan lengiten udagan nganbagja keur sakumaha umat islam hirpna teh boga pedoman serta gaduh lelenjer boktosna kitabAl-qura’n.Bisi parang sasab mun berlayar katambias. Rampang reumpeng poekeun jalan srangan, sangkan manah jadi ca’ang gulinggah ku katen treman kalawan maksa ibadah sumangga urang sami samidanguken aosan ayat suci Al-quran anu bade di gulindengken ku…… sumangga anu ka papancenan tugas dihaturanan majeung ka payun.

Komentaar : gulindengna kalam Illahi mapaler hate anu cape, ngupahan manah anu susah rembes nimbus kana sanubari sumarambah kana bayah sumaleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo ngartos  kana ma’nana, cacakan kudirarampa geuning nikmat karaosna, dedel pandu’a kanu maha suci mugia ageing manfa’atna, kanu ngaosna kalih ka urang sadaya.

            III. SEREN BAKAL PANGANTEN
Salenting mawaning angin, kolepat mawaning kilat, manggih beja aya jajaka arek nyaba, rek ngungsi janji pasini, rek ngaguar subaya anu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantai, legedeut aleutanana, kalayang kakara angkat paying tilu ungkuy-ungkuyan, paying cawati pandeuri, paying kawatna tiheula, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngambat-ngambat nyantang pinang, gurat badag pasejaan, tos kateguh namun wincikan pangeusi galih guaran kandungan manah eta mah teu acan kataroh, geusan ngabejer beaskeunana, sumangga wawakil tipara tamu dihaturanan tandang makalang, sumangga waktosna…………….

Komentar : Hadirin kadang mitra sadaya, sakitu pisaur sepuh wawakil tipara tatamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng keuna kana paribahasa, caang bulan ambil-ambilan, turuktuk hayam kamantu, seja ngambil tuang putra, purah nutu purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit purah tunggu imah gede kituna the bari nykel tutungkusanana.

            IV. NAMPI PANGANTEN
Gununhg luhur tanpa tutugan kujangkungna, sagara mayakpak lir tanpa sisi kulegana. Bawiraos kabingah pribumi mah langkung tikitu, bilih tamu pundung manten enggal geura bejakeun, sumangga atas nami sesepuh tipanganten istri supados nampi kana seren bakal calon panganten pameget anu kapasihan kapapancenan supados majeng.

Komentar : sakitu pisaur sepuh tipanganten isteri yen tuisepuh, tidua belah pihakna sami-sami ikrar manah ragem seja bebesanan.
            V. PENYERAHAN SECARA SIMBOLIS
Gerentes manah panganten istri, sok sanajan si Aa teu junjang teu jinjing, teu buwu teu bawa, teu kapal teu keupeul sawios asak nyandak hiji pestol ani diisi ku dua pelor, da yakin tipihak pameget geus kuat pisik kuat pesak jeung geus kuat pasek dasumpingna kadieu oge lain bade ngadukeun kagaduhan tapi ngan sakedar bade ngadukeun gagaduhan, sumangga tiatas nami sesepuh panganten pameget pikeun ngahaturkeun cacandakanana.

            VI. AKAD TIKAH
Melati linggar na ati, cempaka mangkak na dada, hate ratug tutungguilan mareng cinta jeung cita, rek dimaprokkeun, guar mugaran nukelar jadi cimata, nya mangsana kedal cinta beber layar tarik jangkar, jangji asih anu bahari rek dipatri kujatuk rami.
Hadirin,
Sami-sami kasaksen yen tisepuh dua pihakanana sami-sami ikrar manah, rumojong kana kahoyong para putrana manjing kana sisindiran batu turun keusik naek.
Kalapa tonggoheunana, itu purun itu daek sarua pada bogoheunana, ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu haying itu haying tapi hayangna ulah waka ngudar tali kolorna, keur mungkas carita lagas lalakon waktu remaja jok anjlok ka dunya anyar sasalumputan, duh ieu laksana kabala nyuingcung, gapuraning gapura rumah tangga laksana kapiduriat pepek serat kantun rukun, akad tikan anu teu acan, sumangga ka patugas KUA nyakitu kabapa Amil supados ngagarap hancenganana.

No comments:

Post a Comment