الحمد لله الذي نوّر قلوبنا بنور الإيمان , أشهد ان لا اله اّلا الله الملك المنّان ,
وأشهد انّ محمّدا عبده ورسوله ناصر الحق وقامع الطغيان . اللّهم فصلّ وسلّم على
سيّدنا محمّدسيّد الأنام , وعلى اله وصحبه ذوى الجدّ والكرام. امّا بعد.فيأيّها
الحاضرون أوصيكم وايّاي بتقوى الله فانها
جالبة الإغتنام, والمقضيّة بصاحبها الى دار السلام.أعوذ بالله من الشيطان الرّجيم
. بسم الله الرحمن الرحيم .
" الذين امنوا
وعملوا الصالحات طوبى لهم وحسن مأب "
Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh
Alhamdulillah
kalayan pitulung Alloh Swt, dina dinteun iyeu, urang sadayana tiasa
ngalaksanakeun kawajiban solat jum'at, anu diparentahkeun ku Mantenana, dina
kesempetan anu iyeu, khotib wasiat khususna kadiri khotib umumna kasadayana,
hayu urang sasarengan ningkatkeun kataqwaan jeung kaimanan ka Alloh swt, sarta
nyukuran kana nikmat anu parantos dipasihkeun ku Anjeuna ka urang sadayana,
malah mandar urang sadayana kalebetkeun hamba-hamba Alloh anu salamet dunya
kalih akherat, aminn ya Robbal 'Alamiin
Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh
Kaimanan
mangrupikeun nikmat paling ageung nu dipasihkeun ku Alloh pikeun urang
sadayana, margi iman mangrupikeun syarat mutlaq kanggo hiji jalmi kenging
kabahagian dunya kalih akherat, sakumaha pidawuh Alloh
"
الذين امنوا وعملوا الصالحات طوبى لهم وحسن مأب
Hartosna : Bahwa jalma-jalma anu ariman
maranehanana bakal menang kabahgiaan di dunya jeung bakal menang tempat
pangbalikan anu alus engke di akherat (sawarga)
ku
ayana iman urang daek amal sholeh, ku ayana iman urang bisa taqwa, sabalikna ku
ipisna iman manusa jadi poho ka dzat nu maha kawasa, kulantaran kitu sing nyaah
kana iman diri sorangan, sing nyaah kana iman pamajikan, sing nyaah kana iman
turunan, da nu bakal ditanya dikaherat teh lain anak geus jadi naon ? Geus boga
gelar naon? Tapi nu bakal ditanya mah “ naha anjeun geus ninggalkeun turunan
anu saroleh, naha anjeun geus mupuk anak jeung pamajikan ku kaimanan, jeung
kataqwaaan
Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh
Ngawedelan
kaimanan, nguatan iman lain engke-keuneun, lain lalawora-keuneun, da urang teu
apal kana ajal urang sorangan, duka dimana, duka iraha, duka keur kumaha
malaikat izroil nyampeur diri pikeun ninggalkeun ieu alam dunya, lamun henteu
ti ayeuna nguatan kaimanan, rek dina waktu nu mana deui, mempeng masih aya
waktu jeung kasempetan pikeun urang ngalakonana, gancang kuatan jeung jaga iman
bisi teu kaburu,
Nilai kaimanan
lewih mahal tibatan harta banda jeung dunya, sabab iman wungkul anu nangtukeun
manusa bagja jeung cilaka engke di akherat.
Kulantaran
kitu urang kudu bisa melihara jeung ngajaga kaimanan urang, kaimanan anak jeung
pamajikan urang, bisi lecet jeung ngipisan sabab syetan jeung nafsu moal senang
jeung bakal terus-terusan narekahan neangan jalan sangkan jalma mu’min bangkar
imana, sangkan iman henteu kabawa ka akherat ngarah jadi batur manehna engke
dina naraka, naudzubillahi min dzalik,
Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh
Sakumaha dina
katerangan
الأيمان يزيد وينقص
Ari iman teh sok
nambahan jeung ngurangan atawa ngipisan, sahingga lamun iman geus ipis gampil
pisan di aling boyongkeun ku maksiat, doraka di anggap enteng, maksiatdi anggap
teu pira, malah ngarasa rugi keneh turun pangkat dari pada ngabela agama, rugi
keneh dagang teu payu dari pada tinggaleun sholat, rugi keneh pare ku hama dari
pada teu bisa ibadah, masalah agama jeung ibadah di pandang teu pira jeung teu
sabaraha, padahal kwalitas iman jeung taqwa pisan anu bakal nyalametkeun
manehna tina adzab jeung siksa naraka.
Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh
Lamun
iman urang keur lecet atawa ngipisan kedah gancang di ubaranana diantawisna
1.
Ku jalan dzikir,
ngan sanes ukur dzikir ku lisan wungkul, tapi minimalna dzikir hate atawa
dzikir hate jeung lisan
2.
Kujalan mindeng
masamoan jeung jalma anu sholeh, sabab ku masamoan jeung aranjeunana bakal
kabawa eling ka Alloh, ka dorong jeung ka motivasi pikeun jadi jalma sholeh,
bisa nguatan jeung ngandelan kaimanan, komo lamun dibarengan jeung ngajina,
Mudah-mudahan Alloh
ngaping, ngaraksa jeung masihan pitulung ka urang sadayana, pikeun ngajaga
kaimanan anu kuat jeung berkwalitas, sehingga urang tiasa ngengingkeun kabgjaan
anu hakiki, didunya jeung akherat, Amiin ya robbal Alamin
بارك الله لي ولكم
(خطبة الثانية )
ألحمد لله الذي
خلق الظلام والنور . وغفر لمن تاب واستغفر من جميع المعاصي والجور .
وتوعّد لمن طغى
وعصى بالنار ووعّد لمن اطاعه بالجنة والحور .
اشهد ان لا اله
الا الله الملك القهّار. واشهد انّ محمدا عبده ورسوله المنصور.
اللّهم فصلّ وسلّم
على سيّدنا محمّد المختار وعلى اله وصحبه ذو الهداية من الله العزيز الغفور . امّا
بعد,
عباد الله اوصيكم
وايّاي بتقوى الله واستغفروه من الخطايا والفجور .
اعوذ بالله من
الشيطان الرجيم . بسم الله الرحمن الرحيم .
ان الله وملائكته يصلّون على النبّيّ
يأيها الّذين أمنوا صلّوا عليه وسلّموا تسليما.ًَ
اللهم فصل على
سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وبارك وسلم أمين يا رب العالمين
اللهم اغفر
للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات وأتوب اليك.
ربنا اغفر لنا
ذنوبنا وكفّر عنّا سيّأتنا وتوفّنا مع الأبرار.
ربنا لا تزغ
قلوبنا بعد إدهديتنا وهب لنا من لدنك رحمة انك انت الوهاب
ربنا اتنا في
الدنيا حسنة وفي الأخرة حسنة وقنا عذاب النار
عباد الله ان الله
يأمركم بالعدل والاءحسان وإيتاء ذى القرب وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم
لعلكم تذكّرون ولذكر الله أكبر والله يعلم ما تصنعون .