Wednesday, May 15, 2019

Contoh Khutbah Jum'at Bahasa Sunda Singkat



الحمد لله  الذي نوّر قلوبنا بنور الإيمان ,  أشهد ان لا اله اّلا الله الملك المنّان , وأشهد انّ محمّدا عبده ورسوله ناصر الحق وقامع الطغيان . اللّهم فصلّ وسلّم على سيّدنا محمّدسيّد الأنام , وعلى اله وصحبه ذوى الجدّ والكرام. امّا بعد.فيأيّها الحاضرون  أوصيكم وايّاي بتقوى الله فانها جالبة الإغتنام, والمقضيّة بصاحبها الى دار السلام.أعوذ بالله من الشيطان الرّجيم . بسم الله الرحمن الرحيم .

" الذين امنوا وعملوا الصالحات طوبى لهم وحسن مأب  "

Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh

Alhamdulillah kalayan pitulung Alloh Swt, dina dinteun iyeu, urang sadayana tiasa ngalaksanakeun kawajiban solat jum'at, anu diparentahkeun ku Mantenana, dina kesempetan anu iyeu, khotib wasiat khususna kadiri khotib umumna kasadayana, hayu urang sasarengan ningkatkeun kataqwaan jeung kaimanan ka Alloh swt, sarta nyukuran kana nikmat anu parantos dipasihkeun ku Anjeuna ka urang sadayana, malah mandar urang sadayana kalebetkeun hamba-hamba Alloh anu salamet dunya kalih akherat, aminn ya Robbal 'Alamiin

 

Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh

Kaimanan mangrupikeun nikmat paling ageung nu dipasihkeun ku Alloh pikeun urang sadayana, margi iman mangrupikeun syarat mutlaq kanggo hiji jalmi kenging kabahagian dunya kalih akherat, sakumaha pidawuh Alloh

 " الذين امنوا وعملوا الصالحات طوبى لهم وحسن مأب 

Hartosna : Bahwa jalma-jalma anu ariman maranehanana bakal menang kabahgiaan di dunya jeung bakal menang tempat pangbalikan anu alus engke di akherat (sawarga)

 

ku ayana iman urang daek amal sholeh, ku ayana iman urang bisa taqwa, sabalikna ku ipisna iman manusa jadi poho ka dzat nu maha kawasa, kulantaran kitu sing nyaah kana iman diri sorangan, sing nyaah kana iman pamajikan, sing nyaah kana iman turunan, da nu bakal ditanya dikaherat teh lain anak geus jadi naon ? Geus boga gelar naon? Tapi nu bakal ditanya mah “ naha anjeun geus ninggalkeun turunan anu saroleh, naha anjeun geus mupuk anak jeung pamajikan ku kaimanan, jeung kataqwaaan

 

Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh

Ngawedelan kaimanan, nguatan iman lain engke-keuneun, lain lalawora-keuneun, da urang teu apal kana ajal urang sorangan, duka dimana, duka iraha, duka keur kumaha malaikat izroil nyampeur diri pikeun ninggalkeun ieu alam dunya, lamun henteu ti ayeuna nguatan kaimanan, rek dina waktu nu mana deui, mempeng masih aya waktu jeung kasempetan pikeun urang ngalakonana, gancang kuatan jeung jaga iman bisi teu kaburu,
Nilai kaimanan lewih mahal tibatan harta banda jeung dunya, sabab iman wungkul anu nangtukeun manusa bagja jeung cilaka engke di akherat.

Kulantaran kitu urang kudu bisa melihara jeung ngajaga kaimanan urang, kaimanan anak jeung pamajikan urang, bisi lecet jeung ngipisan sabab syetan jeung nafsu moal senang jeung bakal terus-terusan narekahan neangan jalan sangkan jalma mu’min bangkar imana, sangkan iman henteu kabawa ka akherat ngarah jadi batur manehna engke dina naraka, naudzubillahi min dzalik,

 

Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh

Sakumaha dina katerangan
الأيمان يزيد وينقص
Ari iman teh sok nambahan jeung ngurangan atawa ngipisan, sahingga lamun iman geus ipis gampil pisan di aling boyongkeun ku maksiat, doraka di anggap enteng, maksiatdi anggap teu pira, malah ngarasa rugi keneh turun pangkat dari pada ngabela agama, rugi keneh dagang teu payu dari pada tinggaleun sholat, rugi keneh pare ku hama dari pada teu bisa ibadah, masalah agama jeung ibadah di pandang teu pira jeung teu sabaraha, padahal kwalitas iman jeung taqwa pisan anu bakal nyalametkeun manehna tina adzab jeung siksa naraka.

Hadirin sidang jum’at rohimakumulloh

Lamun iman urang keur lecet atawa ngipisan kedah gancang di ubaranana diantawisna
1.       Ku jalan dzikir, ngan sanes ukur dzikir ku lisan wungkul, tapi minimalna dzikir hate atawa dzikir hate jeung lisan
2.       Kujalan mindeng masamoan jeung jalma anu sholeh, sabab ku masamoan jeung aranjeunana bakal kabawa eling ka Alloh, ka dorong jeung ka motivasi pikeun jadi jalma sholeh, bisa nguatan jeung ngandelan kaimanan, komo lamun dibarengan jeung ngajina,
Mudah-mudahan Alloh ngaping, ngaraksa jeung masihan pitulung ka urang sadayana, pikeun ngajaga kaimanan anu kuat jeung berkwalitas, sehingga urang tiasa ngengingkeun kabgjaan anu hakiki, didunya jeung akherat, Amiin ya robbal Alamin

بارك الله لي ولكم

(خطبة الثانية )

 

ألحمد لله الذي خلق الظلام والنور . وغفر لمن تاب واستغفر من جميع المعاصي والجور .
وتوعّد لمن طغى وعصى بالنار ووعّد لمن اطاعه بالجنة والحور .
اشهد ان لا اله الا الله الملك القهّار. واشهد انّ محمدا عبده ورسوله المنصور.
اللّهم فصلّ وسلّم على سيّدنا محمّد المختار وعلى اله وصحبه ذو الهداية من الله العزيز الغفور . امّا بعد,
عباد الله اوصيكم وايّاي بتقوى الله واستغفروه من الخطايا والفجور .
اعوذ بالله من الشيطان الرجيم . بسم الله الرحمن الرحيم .

ان الله وملائكته يصلّون على النبّيّ  يأيها الّذين أمنوا صلّوا عليه وسلّموا تسليما.ًَ

اللهم فصل على سيدنا محمد وعلى اله وصحبه وبارك وسلم أمين يا رب العالمين
اللهم اغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين والمؤمنات الأحياء منهم والأموات وأتوب اليك.
ربنا اغفر لنا ذنوبنا وكفّر عنّا سيّأتنا وتوفّنا مع الأبرار.
ربنا لا تزغ قلوبنا بعد إدهديتنا وهب لنا من لدنك رحمة انك انت الوهاب
ربنا اتنا في الدنيا حسنة وفي الأخرة حسنة وقنا عذاب النار
عباد الله ان الله يأمركم بالعدل والاءحسان وإيتاء ذى القرب وينهى عن الفحشاء والمنكر والبغي يعظكم لعلكم تذكّرون ولذكر الله أكبر والله يعلم ما تصنعون .

No comments:

Post a Comment