Monday, January 7, 2019

Contoh khutbah ieudul fitri bahasa sunda lengkap

 ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪ
ﺍَﻟْﺤَﻤْﺪُﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﻌَﺰِﻳْﺰِ ﺍﻟْﻘَﻬَّﺎﺭِ، ﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَ ﻧَﺴْﺘَﻬْﺪِﻳْﻪِ، ﻭَ ﻧُﺆْﻣِﻦُ ﺑِﻪِ ﻭَ ﻧَﺘَﻮَﻛَّﻞُ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﻭَ ﻧَﺸْﻜُﺮُﻩُ ﻭَ ﻻَ ﻧَﻜْﻔُﺮُﻩُ ﻭَ ﻧَﺨْﻠَﻊُ ﻭَ ﻧَﺘْﺮُﻙُ ﻣَﻦْ ﻳَﻔْﺠُﺮُﻩُ .
ﺃَﺷْﻬَﺪَ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ ﻭَ ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﺭَﺳُﻮْﻝُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻻَ ﺇِﻟﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ، ﺍَﻟْﻤُﺘَﻮَﺣِّﺪُ ﻓِﻲْ ﺍﻟْﺠَﻼَﻝِ ﺑَﻜَﻤَﺎﻝِ ﺍﻟْﺠَﻼَﻝِ ﺗَﻌْﻈِﻴْﻤًﺎ ﻭَ ﺗَﻘْﺪِﻳْﺮًﺍ
ﻭَﺍﻟﺼَّﻼَﺓُ ﻭَﺍﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِ ﺍﻟْﻤُﺮْﺳَﻠِﻴْﻦَ، ﻭَﺇِﻣَﺎﻡِ ﺍﻟْﻤُﺘَّﻘِﻴْﻦَ ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻟِﻪِ ﻭَﺃَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﺍﻟﻄَّﻴِّﺒِﻴْﻦَ ﺍﻟﻄَّﺎﻫِﺮِﻳْﻦَ
ﺍَﻣَّﺎ ﺑَﻌْﺪُ
; ﻳَﺂﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟَّﺬِﻳْﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮْﺍ ﺍِﺗَّﻘُﻮْﺍ ﺍﻟﻠﻪَ ﺣَﻖَّ ﺗُﻘَﺎﺗِﻪِ ﻭَ ﻣَﻦْ ﻳَﺘَّﻖِ ﺍﻟﻠﻪَ ﻳَﺠْﻌَﻞْ ﻟَﻪُ ﻣَﺨْﺮَﺟًﺎ ﻭَ ﻳَﺮْﺯُﻗْﻪُ ﻣِﻦْ ﺣَﻴْﺚُ ﻻَ ﻳَﺤْﺘَﺴِﺐُ ﻓَﺎﺗَّﻘُﻮْﺍ ﺍﻟﻠﻪَ ﻳَﺎ ﻋِﺒَﺎﺩَ ﺍﻟﻠﻪِ.
ﻭَ ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠﻪُ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ ﻭَﻋَﺪَ ﺍﻟﻠَّﻪُ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﻣِﻨﻜُﻢْ ﻭَﻋَﻤِﻠُﻮﺍ ﺍﻟﺼَّﺎﻟِﺤَﺎﺕِ ﻟَﻴَﺴْﺘَﺨْﻠِﻔَﻨَّﻬُﻢ ﻓِﻲ ﺍﻟْﺄَﺭْﺽِ ﻛَﻤَﺎ ﺍﺳْﺘَﺨْﻠَﻒَ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﻣِﻦ ﻗَﺒْﻠِﻬِﻢْ ﻭَﻟَﻴُﻤَﻜِّﻨَﻦَّ ﻟَﻬُﻢْ ﺩِﻳﻨَﻬُﻢُ ﺍﻟَّﺬِﻱ ﺍﺭْﺗَﻀَﻰ ﻟَﻬُﻢْ ﻭَﻟَﻴُﺒَﺪِّﻟَﻨَّﻬُﻢ ﻣِّﻦ ﺑَﻌْﺪِ ﺧَﻮْﻓِﻬِﻢْ ﺃَﻣْﻨﺎً ﻳَﻌْﺒُﺪُﻭﻧَﻨِﻲ ﻟَﺎ ﻳُﺸْﺮِﻛُﻮﻥَ ﺑِﻲ ﺷَﻴْﺌﺎً ﻭَﻣَﻦ ﻛَﻔَﺮَ ﺑَﻌْﺪَ ﺫَﻟِﻚَ ﻓَﺄُﻭْﻟَﺌِﻚَ ﻫُﻢُ ﺍﻟْﻔَﺎﺳِﻘُﻮﻥَ
Hadirin sidang I'd anu mulya.
Khutbaw awal.
Khutbah awal nembe medal, ngiringan dalil jeng hadits, ayatal qu'ar dawuh rosul, jangkarna taqwa Lillah, tandaning cinta anu nyata buahna ma'rifatulloh.Taqwa jangkarna kamulyaan , mahabah teu robah manah, matuh dina diri maneh teu eleh kunu ngaraneh.
Tipeuting sok lila nyaring, ti beurang teu bisa senang, wayahna sangsara badan, shobar ngambah kapayahan , mengkek napsu ti dur subah ngalayng di tunggang gunung, tutupna nepi kasurup panon poe, saum sabulan lilana.Di papaes ku taraweh, tadarus amal ibadah, zakat fitrah teu kaliwah, gentra hayya 'alal falah terus dipilih diwalah, garapan anu merenah.
Jalma anu lakuna kitu, bagjana kabina bina,jalma anu teu kitu rugina taya padana, katilas kupedang mangsa, saisih teu mulih deui, romadhon ieu teu kadongdon, nubakal geus lain deui, romdhon tetep sa romdhon teu bisa di bagi-bagi.
Romdhon tamat awal syawal, dimasjid takbir begilir ,sowarana hawar-hawar katebak daya maruta, parat kacongkar buana,pasir wukir milu dzikir, wahangan akbar-akbaran, matak ketir leutik pikir.Saum nu ngabogaan laku, taya basa titi surti, melak ahklaq nu utama , padang manah pikir nyaring, ngajak kalampah sarakah , ngajak asih kanu leutik, ngajak nyaah kasasama , nya fitrah pertandaningsih.
Rasa puas ilang sagala kareuwas, tuma'ninah beutah manah lunas hadas kawajiban, sausik samalik dzikir pok pokan lain ti indung ti bapa, patuh lungsur tiyang agung hadiyah datang ti Alloh.
ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Hadirin sidang I'd anu mulya.
Romadhon teh rajana bulan, gudangna sagala amal, dua rupa nu penting dipikaeling, turun wahyu nu munggaran, surat alaq rejeng laelatul qadar, luhur agung nandingan sarebu bulan.Ari laelatul qadar tea sumping sataun sakali tong dilangkung teu di aku, angken kumanah nusadrah, manah tabah ngabedah aling-alingna halangan rintangan nana geus tangtu ngadadak datang, margi sugri kasucian, kamulyaan, kaagungan dibanding ku aling-aling dihalang ku pipinding." likulli khaerin maani'un" piken saban-saban kaalusan sok aya hahalang harungan nana.
Hadits Nabi "Wainnal jannata khuffat bilmakarih wainna naro khuffat bisyahawat"
Jeung saenyana surga dikeukeupan kunu gareuleuh, jeung saeunyana Naraka mah dikeukeupan disimutan ku jalan pikaresepen.
Bagja datang tina susah hina datang tina bungah, lamin diri embung usik, sungkan robah nyingrayken runtah-runtahna pasti ti balik eusina, anaamna kari anomna, ganduan leungit kawungna, kawung leungit carulukna, sang paraji henteu kabagian saji, Kiai leungit ajina,kahuruan ku nafsuna.
ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Ijtahiduu yaumal Fitri Pishadaqati Wa'malilkhairi walbirri minasholaati wazzakaati wattasbiihi wattahliili painnahu yaumalladzii yagfirulloha ta'ala piihi dzunubakum wayastajiibu dzu'aakum wayandhuru ilaikum birrahmah (alhadits).
" Dina poe lebaran pek kumaraneh peuntingkeun sakur nu perlu dina shadaqah rejeng amal kaalusan, shalat rejeng zakatna, tasbihna rejeng tahlilna, sabab dina poe eta pisan Alloh ngahampura kana dosa-dosana maraneh, ngaijabah kana du'a maraneh, rejeng Alloh ningali kamaraneh kalawan paningali nu pinuh ku asih deudeuh nineung nu beda jeung poe nulian-lianna".
Hadirin sidang I'd anu mulya.
Kusabab mulyana ieu leubaran, dina poe ieu syara ngalarang puasa, poe lebaran teh poe ngecagken sagala karudet jeng kabeungbeurat, kabeungbeurat ka Alloh jeng karosulna lulubaran tina dosa perdosaan.Poe lebaran teh poe namploken sagala kabungah dasarna karana Alloh silaturrahmi muslim jadi sahiji, sahiji tujuan nana sarua cita-citana, ngagulungken maksud pada ngajugjug ka mushala.
ﻓﺈﺫﺍ ﺑﺮﺯﻭﺍ ﺇﻟﻰ ﻣﺼﻼﻫﻢ ﻗﺎﻝ ﺍﻟﻠﻪ ﺗﻌﺎﻟﻰ ﻳﺎ ﻣﻼﺋﻜﺘﻲ ﻣﺎ ﺟﺰﺍﺀ ﺍﻷﺟﻴﺮ ﺇﺫﺍ ﻋﻤﻞ ﻋﻤﻠﻪ ﻓﻴﻘﻮﻟﻮﻥ : ﺇﻟﻬﻨﺎ ﻭﺳﻴﺪﻧﺎ ﺃﻥ ﺗﻮﻓﻴﻪ ﺃﺟﺮﻩ
Lamun maranehna tos nepi ka tempat Sholat, lajeng Alloh ngadawuh: Wahai para malaikat, naon ganjaran keur jalma anu geus beres tina pagaweanana ?". Malaikat ngawaler, "Wahai Pangeran abdi sadaya, tangtosna dipasihan upahna".
ﻓﻴﻘﻮﻝ ﻋﺰ ﻭﺟﻞ ﺃﺷﻬﺪﻛﻢ ﺃﻧﻲ ﻗﺪ ﺟﻌﻠﺖ ﺛﻮﺍﺑﻬﻢ ﻣﻦ ﺻﻴﺎﻣﻬﻢ ﻭﻗﻴﺎﻣﻬﻢ ﺭﺿﺎﻱ ﻭﻣﻐﻔﺮﺗﻲ ، ﻭﻳﻘﻮﻝ
Allah Azza wa Jalla nyarios, : "Saksikeun ku aranjeun yen Kaula mere ganjaran tina puasa jeung sholat maranehanana kalayan keridhoan jeung ampunan Kaula." Lajeng Alloh ndadawuh,
ﺳﻠﻮﻧﻲ ﻓﻮﻋﺰﺗﻲ ﻭﺟﻼﻟﻲ ﻻ ﺗﺴﺄﻟﻮﻧﻲ ﺍﻟﻴﻮﻡ ﺷﻴﺌﺎ ﻓﻲ ﺟﻤﻌﻜﻢ ﻫﺬﺍ ﻵﺧﺮﺗﻜﻢ ﺇﻻّ ﺃﻋﻄﻴﺘﻜﻤﻮﻩ ﻭﻻ ﻟﺪﻧﻴﺎﻛﻢ ﺇﻻ ﻧﻈﺮﺕ ﻟﻜﻢ، ﺍﻧﺼﺮﻓﻮﺍ ﻣﻐﻔﻮﺭﺍً ﻟﻜﻢ، ﻗﺪ ﺃﺭﺿﻴﺘﻤﻮﻧﻲ ﻭﺭﺿﻴﺖ ﻋﻨﻜﻢ . ‏( ﺣﺪﻳﺚ ﻣﺮﻓﻮﻉ ﺧﺮﺟﻪ ﺳﻠﻤﺔ ﺑﻦ ﺷﺒﻴﺐ ﻓﻲ ﻛﺘﺎﺏ ﻓﻀﺎﺋﻞ ﺭﻣﻀﺎﻥ ﻭﻏﻴﺮﻩ
"Pek menta kalayan kaMuliaan Kaula jeung kaAgungan Kaula, moal samata-mata anjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan aherat, kecuali ku Kaula dibikeun keur aranjeun, jeung moal samata-mata aranjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan dunia, kecuali ku Kaula ditingalikeun keur aranjeun, Aranjeun geus ngajadikeun Kaula ridho jeung Kaula ridho ka kalian." (Hadits dikaluarkeun ku Salamah bin Syabib dina kitab keutamaan ramadhan)
Hadirin sidang I'd anu mulya.
Cuek hadits Sauenyana Alloh dina saban-saban zam bulan ramadhan tibeurang jeng tipeutingna geus ngalepasken 600 000 jalma anu doraka tina raka tur padahal maranehna teh cadangan eusi naraka kituna teh nepi kadatangna laekatul qadar, ari dina laelatul qadar mah lobana anu dilepasken teh sakumaha anu lobana ti mimiti tanggal hiji ramadhan nepi kadatangna laelatul qadar, sedengken dinba poe lebaran mah anu dilepasken tina naraka teh, sabingbilangan anu dilepasken ti tanggal hiji ramadhan nepi ka laelatul qadar.
Allohumma ajirnii minannaar waidza qurialqur'aan pastami'uulahu waangsituu la'allakum turhamuun.
ﺑِﺴْﻢِ ﺍﻟﻠَّﻪِ ﺍﻟﺮَّﺣْﻤَﻦِ ﺍﻟﺮَّﺣِﻴْﻢِ ﺇِﻧَّﺎ ﺃَﻧْﺰَﻟْﻨَﺎﻩُ ﻓِﻰ ﻟَﻴْﻠَﺔِ ﺍﻟْﻘَﺪْﺭ ‏( 1 ‏) ﻭَﻣَﺎ ﺃَﺩْﺭَﺍﻙَ ﻣَﺎ ﻟَﻴْﻠَﺔُ ﺍﻟْﻘَﺪْﺭِ ‏( 2 ‏) ﻟَﻴْﻠَﺔُ ﺍﻟْﻘَﺪْﺭِ ﺧَﻴْﺮٌ ﻣِّﻦْ ﺃَﻟْﻒِ ﺷَﻬْﺮ ‏( 3 ‏) ﺗَﻨَﺰَّﻝُ ﺍﻟْﻤَﻠَﺌِﻜَﺔُ ﻭَ ﺍﻟﺮُّﻭْﺡُ ﻓِﻴْﻬَﺎ ﺑِﺈِﺫْﻥِ ﺭَﺑِّﻬِﻢْ ﻣِّﻦْ ﻛُﻞِّ ﺃَﻣْﺮٍ ‏( 4 ‏) ﺳَﻼَﻡٌ ﻫِﻰَ ﺣَﺘَّﻰ ﻣَﻄْﻠَﻊِ ﺍﻟْﻔَﺠْﺮِ ‏( 5
ﺑﺎﺭﻙ ﺍﻟﻠﻪ ﻟﻲ ﻭﻟﻜﻢ ﻓﻲ ﺍﻟﻘﺮﺁﻥ ﺍﻟﻌﻈﻴﻢ، ﻭﻧﻔﻌﻨﻲ ﻭﺇﻳﺎﻛﻢ ﺑﻤﺎ ﻓﻴﻪ ﻣﻦ ﺍﻵﻳﺎﺕ ﻭﺍﻟﺬﻛﺮ ﺍﻟﺤﻜﻴﻢ، ﻭﺃﺳﺘﻐﻔﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺍﻟﻌﻈﻴﻢ ﺍﻟﺠﻠﻴﻞ ﻟﻲ ﻭﻟﻜﻢ ﻭﻟﺴﺎﺋﺮ ﺍﻟﻤﺴﻠﻤﻴﻦ ﻣﻦ ﻛﻞ ﺫﻧﺐ، ﻓﺎﺳﺘﻐﻔﺮﻭﻩ ﺇﻧﻪ ﻫﻮ ﺍﻟﻐﻔﻮﺭ ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ
KHUTBAH KEDUA
ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ ﻟِﻠَّﻪِ ﺍﻟَّﺬِﻱ ﺃَﺭْﺳَﻞَ ﺭَﺳُﻮﻟَﻪُ ﺑِﺎﻟْﻬُﺪَﻯ ﻭَﺩِﻳﻦِ ﺍﻟْﺤَﻖِّ ﻟِﻴُﻈْﻬِﺮَﻩُ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﺪِّﻳﻦِ ﻛُﻠِّﻪِ ﻭَﻟَﻮْ ﻛَﺮِﻩَ ﺍﻟْﻤُﺸْﺮِﻛُﻮﻥَ ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃﻥْ ﻻ ﺇﻟَﻪَ ﺇﻻ ﺍﻟﻠﻪُ ﻭَﺣْﺪَﻩُ ﻻ ﺷَﺮِﻳﻚَ ﻟَﻪُ، ﻭﺃﺷﻬﺪُ ﺃﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋﺒْﺪُﻩ ﻭﺭَﺳُﻮﻟُﻪ ﺍَﻣَّﺎ ﺑَﻌْﺪُ : ﻓَﻴَﺎﻋِﺒَﺎﺩَ ﺍﻟﻠﻪِ : ﺍُﻭْﺻِﻴْﻜُﻢْ ﻭَﻧَﻔْﺴِﻲ ﺑِﺘَﻘْﻮَ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﻃَﺎﻋَﺘِﻪِ ﻟَﻌَﻠَّﻜُﻢْ ﺗُﻔْﻠِﺤُﻮْﻥَ ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠﻪُ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ ﻓِﻰ ﺍﻟْﻘُﺮْﺁﻥِ ﺍﻟْﻜَﺮِﻳْﻢِ ﻳَﺎﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﺍﺗَّﻘُﻮﺍ ﺍﻟﻠَّﻪَ ﺣَﻖَّ ﺗُﻘَﺎﺗِﻪِ ﻭَﻻ ﺗَﻤُﻮﺗُﻦَّ ﺇِﻻ ﻭَﺃَﻧْﺘُﻢْ ﻣُﺴْﻠِﻤُﻮﻥَ ﺍﻟﻠﻬﻢ ﺻَﻞِّ ﻭَﺍﻟﺴَّﻠَﻢُ ﻭَﺑَﺎﺭَﻙَ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِ ﻧَﺎ ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺃﻟﻪ ﻭَﺃَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﺃَﺟْﻤَﻌِﻴْﻦَ ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻧْﺼُﺮْﻧَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﻨَّﺎﺻِﺮِﻳْﻦَ ﻭَﺍﻓﺘَْﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟْﻔَﺎﺗِﺤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻏْﻔِﺮْ ﻟَﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟْﻐَﺎﻓِﺮِﻳْﻦَ ﻭَﺍﺭْﺣﻤَْﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﺮَّﺍﺣِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﺭْﺯُﻗﻨَْﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﺮَّﺍﺯِﻗِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻫْﺪِﻧَﺎ ﻭَﻧَﺠِّﻨَﺎ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻘَﻮْﻡِ ﺍﻟﻈَّﺎﻟِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻜَﺎﻓِﺮِﻳْﻦَ . ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺩِﻳﻨَْﻨﺎَ ﺍﻟَّﺬِﻯ ﻫُﻮَ ﻋِﺼْﻤَﺔُ ﺃَﻣْﺮِﻧَﺎ ﻭَﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺩُﻧﻴَْﺎﻥَ ﺍﻟَّﺘِﻰ ﻓِﻴْﻬَﺎ ﻣَﻌَﺎﺷُﻨَﺎ ﻭَﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺁﺧِﺮَﺗﻨََﺎ ﺍﻟَّﺘِﻰ ﻓِﻴْﻬَﺎ ﻣَﻌَﺎﺩُﻧَﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻞِ ﺍﻟﺤَْﻴَﺎﺓَ ﺯِﻳَﺎﺩَﺓً ﻟَﻨَﺎ ﻓِﻰ ﻛُﻞِّ ﺧَﻴْﺮٍ ﻭَﺍﺟْﻌَﻞِ ﺍﻟْﻤَﻮْﺕَ ﺭَﺍﺣَﺔً ﻟَﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﻛُﻞِّ ﺷﺮٍّ ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻗْﺴِﻢْ ﻟَﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﺧَﺸْﻴَﺘِﻚَ ﻣَﺎﺗَﺤُﻮْﻝُ ﺑﻴَْﻨَﻨَﺎ ﻭَﺑﻴَْﻦَ ﻣَﻌْﺼِﻴَﺘِﻚَ ﻭَﻣِﻦْ ﻃَﺎﻋَﺘِﻚَ ﻣَﺎ ﺗﺒَُﻠِّﻐُﻨَﺎﺑِﻪِ ﺟَﻨَّﺘَﻚَ ﻭَﻣِﻦَ ﺍﻟْﻴَﻘِﻴْﻦِ ﻣَﺎﺗﻬَُﻮِّﻥُ ﺑِﻪِ ﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ ﻣَﺼَﺎﺋِﺐَ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ . ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﻣَﺘِّﻌْﻨَﺎ ﺑِﺄَﺳﻤَْﺎﻋِﻨَﺎ ﻭَﺃَﺑْﺼَﺎﺭِﻧَﺎ ﻭَﻗﻮَُّﺗِﻨَﺎ ﻣَﺎ ﺃَﺣْﻴَﻴْﺘَﻨَﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻠْﻪُ ﺍﻟْﻮَﺍﺭِﺙَ ﻣِﻨَّﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻠْﻪُ ﺛَﺄْﺭَﻧَﺎ ﻋَﻠَﻰ ﻣَﻦْ ﻋَﺎﺩﺍَﻧَﺎ ﻭَﻻَ ﺗَﺠْﻌَﻞْ ﻣُﺼِﻴْﺒَﺘَﻨَﺎ ﻓِﻰ ﺩِﻳْﻨِﻨَﺎﻭَﻻَ ﺗَﺠْﻌَﻞِ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ ﺃَﻛْﺒَﺮَ ﻫَﻤِّﻨَﺎ ﻭَﻻَ ﻣَﺒْﻠَﻎَ ﻋِﻠْﻤِﻨَﺎ ﻭَﻻَ ﺗُﺴَﻠِّﻂْ ﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ ﻣَﻦْ ﻻَ ﻳﺮَْﺣﻤَُﻨَﺎ ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻏْﻔِﺮْ ﻟِﻠْﻤُﺴْﻠِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻤُﺴْﻠِﻤَﺎﺕِ ﻭَﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨَﺎﺕِ ﺍَﻷَﺣْﻴَﺎﺀِ ﻣِﻨْﻬُﻢْ ﻭَﺍﻷَﻣْﻮَﺍﺕِ ﺍِﻧَّﻚَ ﺳﻤَِﻴْﻊٌ ﻗَﺮِﻳْﺐٌ ﻣُﺠِﻴْﺐُ ﺍﻟﺪَّﻋْﻮَﺍﺕِ . ﺭَﺑﻨََّﺎ ﺍَﺗِﻨَﺎ ﻓِﻰ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻓِﻰ ﺍﻷَﺧِﺮَﺓِ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻗِﻨَﺎ ﻋَﺬَﺍﺏَ ﺍﻟﻨَّﺎﺭ

No comments:

Post a Comment