Monday, January 7, 2019

Contoh khutbah iedul fitri bahasa sunda doc. 2

َﻡُ ﻋَﻠَﻴْﻜُﻢْ ﻭَﺭَﺣْﻤَﺔُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﺑَﺮَﻛَﺎﺗُﻪُ
ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪ
ﺍَﻟْﺤَﻤْﺪُﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﻌَﺰِﻳْﺰِ ﺍﻟْﻘَﻬَّﺎﺭِ، ﻧَﺴْﺘَﻌِﻴْﻨُﻪُ ﻭَ ﻧَﺴْﺘَﻬْﺪِﻳْﻪِ، ﻭَ ﻧُﺆْﻣِﻦُ ﺑِﻪِ ﻭَ ﻧَﺘَﻮَﻛَّﻞُ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﻭَ ﻧَﺸْﻜُﺮُﻩُ ﻭَ ﻻَ ﻧَﻜْﻔُﺮُﻩُ ﻭَ ﻧَﺨْﻠَﻊُ ﻭَ ﻧَﺘْﺮُﻙُ ﻣَﻦْ ﻳَﻔْﺠُﺮُﻩُ .
ﺃَﺷْﻬَﺪَ ﺃَﻥَّ ﻻَ ﺇِﻟﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ ﻭَ ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃَﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﺭَﺳُﻮْﻝُ ﺍﻟﻠﻪِ ﻻَ ﺇِﻟﻪَ ﺇِﻻَّ ﺍﻟﻠﻪُ، ﺍَﻟْﻤُﺘَﻮَﺣِّﺪُ ﻓِﻲْ ﺍﻟْﺠَﻼَﻝِ ﺑَﻜَﻤَﺎﻝِ ﺍﻟْﺠَﻼَﻝِ ﺗَﻌْﻈِﻴْﻤًﺎ ﻭَ ﺗَﻘْﺪِﻳْﺮًﺍ
ﻭَﺍﻟﺼَّﻼَﺓُ ﻭَﺍﻟﺴَّﻼَﻡُ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِ ﺍﻟْﻤُﺮْﺳَﻠِﻴْﻦَ، ﻭَﺇِﻣَﺎﻡِ ﺍﻟْﻤُﺘَّﻘِﻴْﻦَ ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺁﻟِﻪِ ﻭَﺃَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﺍﻟﻄَّﻴِّﺒِﻴْﻦَ ﺍﻟﻄَّﺎﻫِﺮِﻳْﻦَ
ﺍَﻣَّﺎ ﺑَﻌْﺪُ
ﻳَﺂﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟَّﺬِﻳْﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮْﺍ ﺍِﺗَّﻘُﻮْﺍ ﺍﻟﻠﻪَ ﺣَﻖَّ ﺗُﻘَﺎﺗِﻪِ ﻭَ ﻣَﻦْ ﻳَﺘَّﻖِ ﺍﻟﻠﻪَ ﻳَﺠْﻌَﻞْ ﻟَﻪُ ﻣَﺨْﺮَﺟًﺎ ﻭَ ﻳَﺮْﺯُﻗْﻪُ ﻣِﻦْ ﺣَﻴْﺚُ ﻻَ ﻳَﺤْﺘَﺴِﺐُ
ﻓَﺎﺗَّﻘُﻮْﺍ ﺍﻟﻠﻪَ ﻳَﺎ ﻋِﺒَﺎﺩَ ﺍﻟﻠﻪِ . ﻭَ ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠﻪُ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ
ﻭَﻋَﺪَ ﺍﻟﻠَّﻪُ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﻣِﻨﻜُﻢْ ﻭَﻋَﻤِﻠُﻮﺍ ﺍﻟﺼَّﺎﻟِﺤَﺎﺕِ ﻟَﻴَﺴْﺘَﺨْﻠِﻔَﻨَّﻬُﻢ ﻓِﻲ ﺍﻟْﺄَﺭْﺽِ ﻛَﻤَﺎ ﺍﺳْﺘَﺨْﻠَﻒَ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﻣِﻦ ﻗَﺒْﻠِﻬِﻢْ ﻭَﻟَﻴُﻤَﻜِّﻨَﻦَّ ﻟَﻬُﻢْ ﺩِﻳﻨَﻬُﻢُ ﺍﻟَّﺬِﻱ ﺍﺭْﺗَﻀَﻰ ﻟَﻬُﻢْ ﻭَﻟَﻴُﺒَﺪِّﻟَﻨَّﻬُﻢ ﻣِّﻦ ﺑَﻌْﺪِ ﺧَﻮْﻓِﻬِﻢْ ﺃَﻣْﻨﺎً ﻳَﻌْﺒُﺪُﻭﻧَﻨِﻲ ﻟَﺎ ﻳُﺸْﺮِﻛُﻮﻥَ ﺑِﻲ ﺷَﻴْﺌﺎً ﻭَﻣَﻦ ﻛَﻔَﺮَ ﺑَﻌْﺪَ ﺫَﻟِﻚَ ﻓَﺄُﻭْﻟَﺌِﻚَ ﻫُﻢُ ﺍﻟْﻔَﺎﺳِﻘُﻮﻥَ
Para hadirin kaum Muslimin rahimakumullah
Takbir Tahlil sareng Tahmid ngagema di sadaya penjuru dunia, ngagungkeun Asma Allah. Dinten iyeu mangrupikeun hari raya keur sadaya umat Islam di seluruh penjuru dunia, saparantosna ngalaksanakeun ibadah puasa salami sabulan pinuh. Henteu karaos, sasih Ramadhan ayeuna tos ngantunkeun urang, sasih anu agung, sasih anu dilebetna pinuh ku berkah, sasih anu dilebetna aya hiji wengi anu lebih baik daripada seribu bulan.
Hiji bulan anu diganjar satiap jalma anu puasa ku ganjaran anu henteu aya batesan, Cicingna jalmi anu puasa sami sareng maca tasbih, bobona dinilai ibadah, dilipat gandakeun satiap amal kebaikan, dikabulkeun satiap doa, jeung dihampura sadaya dosa jalma mukmin. Hiji bulan mulia anu can tangtu kasorang deui ku urang dina taun payun. Allahu A'lam...
Rumaos urang tos ngamomorekeun kana Kaagunganana, kana kamuliyaanana, sareng kana rupi-rupi kaberkahanana anu di jangjikeun ku Allah SWT. Puasa sakadar nahan diri tina lapar jeung haus, bari rumasa teu bisa nahan diri tina pandangan, tina pendengaran, jeung tina ucapan. Teu bisa ngalawan hawa nafsu, syahwat jeung amarah. Loba kasieun, sieun diri jadi miskin sahingga teu mampu ngaluarkeun sedekah. Leuwih resep miceun waktu teu puguh tibatan tadarus jeung mempelajari Al-Quran.
Eta panyakit anu umumna aya dina diri urang, sanajan dijangjikeun ka urang sadayana rupa-rupa kautamaan anu ditamplokkeun dina sasih Ramadhan, nanging henteu ngajadikeun urang khusyu jeung soson-soson dina ningkatkeun amal ibadah
Rasulullah SAW ngadawuh Tina hadits qudsi:
ﻗَﺎﻝَ ﺭَﺳُﻮﻝُ ﺍﻟﻠَّﻪِ ﺻَﻠَّﻰ ﺍﻟﻠَّﻪُ ﻋَﻠَﻴْﻪِ ﻭَﺳَﻠَّﻢَ ﻛُﻞُّ ﻋَﻤَﻞِ ﺍﺑْﻦِ ﺁﺩَﻡَ ﻳُﻀَﺎﻋَﻒُ ﺍﻟْﺤَﺴَﻨَﺔُ ﻋَﺸْﺮُ ﺃَﻣْﺜَﺎﻟِﻬَﺎ ﺇِﻟَﻰ ﺳَﺒْﻊ ﻣِﺎﺋَﺔ ﺿِﻌْﻒٍ
"Setiap amal anak Adam dilipatgandakan pahalanya. Satu macam kebaikan diberi pahala sepuluh hingga tujuh ratus kali lipat."
ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠَّﻪُ ﻋَﺰَّ ﻭَﺟَﻞَّ ﺇِﻟَّﺎ ﺍﻟﺼَّﻮْﻡَ ﻓَﺈِﻧَّﻪُ ﻟِﻲ ﻭَﺃَﻧَﺎ ﺃَﺟْﺰِﻱ ﺑِﻪِ ﻳَﺪَﻉُ ﺷَﻬْﻮَﺗَﻪُ ﻭَﻃَﻌَﺎﻣَﻪُ ﻣِﻦْ ﺃَﺟْﻠِﻲ
Allah 'azza wajalla ngadawuh: kecuali puasa, karena puasa itu untuk-Ku dan Aku sendiri yang akan membalasnya. (HR Muslim: 1945)
ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Para hadirin kaum Muslimin rahimakumullah
Ramadhan anu ditutup ku Hari raya Idul Fitri selalu berulang setiap tahun, tangtosna selalu aya hikmah anu ku urang tiasa di jantenkeun pelajaran. Puasa teh bulan kasabaran, maka satiap jalma mukmin sakedahna ngagaduhan sifat sabar saparantosna di didik ku nahan diri tina hawa nafsu, syahwat jeung amarah salami bulan Ramadhan. Rupi-rupi amalan anu biasa dilakukeun dina sasih Ramadhan mudah-mudahan tetep istiqamah dina sasih lainna Saperti shalat Al lail atanapi shalat malemna, saparantosna dibiasakeun ngalaksanakeun shalat taraweh salami sabulan.
Sareng ngadawamkeun baca Al Quran, saparantosna dibiasakeun tadarus. Nebihan ghibah atanapi ngomongkeun batur, saparantosna urang di didik tina perkara lisan. Tetep lemah lembut jeung handap asor ka papada jalmi, jauh tina sombong atawa berbangga diri, saparantosna di didik ku ibadah puasa anu henteu katinggali ku batur.
Oge barbagi rizki ka sasama, nyaah ka fakir miskin, anak yatim jeung dhu'afa, nyumponan hak-hak anu wajib saperti ngaluarkeun zakat, saperti zakat fitrah, zakat maal jeung zakat lainna, ngaleungitkeun kakikiran atawa pelit, selalu ikhlas dina beramal henteu ngarepkeun pujian atawa sanjungan, saparantosna di didik ku rasa lapar jeung haus.
Eta diantawisna hikmah anu diajarkeun ku urang dina bulan suci Ramadhan supaya urang leuwih ningkat kaimanan jeung kataqwaan.
Taqwa nyaeta miara diri tina siksa Alloh ku jalan ngalaksanakeun sagala rupi parentah Alloh, sareng nebihan sagala rupi laranganana. Kumargi ari taqwa eta mangrupikeun salah sahiji kunci kamuliaan hiji jalma, ku kituna hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Alloh SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna.
Dawuhan Alloh SWT dina Al-Qur'an (QS. Al Hujurat [49]:13).
ﺇِﻥَّ ﺃَﻛْﺮَﻣَﻜُﻢْ ﻋِﻨْﺪَ ﺍﻟﻠَّﻪِ ﺃَﺗﻘَْﺎﻛُﻢْ . ﺇِﻥَّ ﺍﻟﻠَّﻪَ ﻋَﻠِﻴﻢٌ ﺧَﺒِﻴﺮٌ
Sesungguhnya orang yang paling mulia di sisi Allah di antara kamu adalah orang yang paling bertaqwa. Sesungguhnya Allah Maha Mengetahui lagi Maha Mengenal.
ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Para Hadirin kaum Muslimin Rohimakumulloh,
Dinten iyeu sadaya Kaum Muslimin bersuka cita ngarayakeun hari kamenangan Idul Fitri, saparantosna ngalaksanakeun puasa salami sabulan pinuh. Mangrupikeun karunia Allah Saparantosna sabulan pinuh urang ngalaksanakeun ibadah puasa sebagai bentuk ketaatan ka Anjeun-Na kanggo ngaberesihkeun jiwa urang,
Satiap diri urang ngengingkeun derajat sesuai sareng usahana masing-masing.
Dawuhan Allah: (QS. Al-An'am: 132)
ﻭَﻟِﻜُﻞٍّ ﺩَﺭَﺟَﺎﺕٌ ﻣِﻤَّﺎ ﻋَﻤِﻠُﻮﺍ ﻭَﻣَﺎ ﺭَﺑُّﻚَ ﺑِﻐَﺎﻓِﻞٍ ﻋَﻤَّﺎ ﻳَﻌْﻤَﻠُﻮﻥَ
"Dan masing-masing orang memperoleh derajat-derajat sesuai dengan apa yang dikerjakannya. Dan Tuhanmu tidak lengah dari apa yang mereka kerjakan."
Saluyu sareng ayat tadi, dina salah sahiji hadits, ti Ibnu Abbas radhiyallahu 'anhu dijelaskan:
ﺇﺫﺍ ﻛﺎﻥ ﻳﻮﻡ ﻋﻴﺪ ﺍﻟﻔﻄﺮ ﻫﺒﻄﺖ ﺍﻟﻤﻼﺋﻜﺔ ﺇﻟﻰ ﺍﻷﺭﺽ ﻓﻲ ﻛﻞ ﺑﻠﺪ ﻓﻴﻘﻔﻮﻥ ﻋﻠﻰ ﺃﻓﻮﺍﻩ ﺍﻟﺴﻜﻚ ﻳﻨﺎﺩﻭﻥ ﺑﺼﻮﺕ ﻳﺴﻤﻌﻪ ﺟﻤﻴﻊ ﺧﻠﻖ ﺍﻟﻠﻪ ﺇﻻ ﺍﻟﺠﻦ ﻭﺍﻹﻧﺲ
"Dimana hari raya idul fitri, malaikat turun ka bumi di satiap negeri, aranjeuna eureun di eta negeri bari ngagero anu sorana kadangu ku satiap mahluk kecuali jin jeung manusa,
ﻳﺎ ﺃﻣﺔ ﻣﺤﻤﺪ ﺍﺧﺮﺟﻮﺍ ﺇﻟﻰ ﺭﺏ ﻛﺮﻳﻢ ﻳﻌﻄﻲ ﺍﻟﺠﺰﻳﻞ ﻭﻳﻐﻔﺮ ﺍﻟﺬﻧﺐ ﺍﻟﻌﻈﻴﻢ
 "Hai umat Muhammad, pek kaluar aranjeun menuju Pangeran anu Maha Mulia, anu mere ganjaran jeung ngahampura dosa yang gede."
" ﻓﺈﺫﺍ ﺑﺮﺯﻭﺍ ﺇﻟﻰ ﻣﺼﻼﻫﻢ ﻗﺎﻝ ﺍﻟﻠﻪ ﺗﻌﺎﻟﻰ ﻳﺎ ﻣﻼﺋﻜﺘﻲ ﻣﺎ ﺟﺰﺍﺀ ﺍﻷﺟﻴﺮ ﺇﺫﺍ ﻋﻤﻞ ﻋﻤﻠﻪ ﻓﻴﻘﻮﻟﻮﻥ : ﺇﻟﻬﻨﺎ ﻭﺳﻴﺪﻧﺎ ﺃﻥ ﺗﻮﻓﻴﻪ ﺃﺟﺮﻩ ،
Lamun maranehna tos nepi ka tempat Sholat, lajeng Alloh ngadawuh: Wahai para malaikat, naon ganjaran keur jalma anu geus beres tina pagaweanana ?". Malaikat ngawaler, "Wahai Pangeran abdi sadaya, tangtosna dipasihan upahna".
ﻓﻴﻘﻮﻝ ﻋﺰ ﻭﺟﻞ
ﺃﺷﻬﺪﻛﻢ ﺃﻧﻲ ﻗﺪ ﺟﻌﻠﺖ ﺛﻮﺍﺑﻬﻢ ﻣﻦ ﺻﻴﺎﻣﻬﻢ ﻭﻗﻴﺎﻣﻬﻢ ﺭﺿﺎﻱ ﻭﻣﻐﻔﺮﺗﻲ ، ﻭﻳﻘﻮﻝ :
Allah Azza wa Jalla nyarios: "Saksikeun ku aranjeun yen Kaula mere ganjaran tina puasa jeung sholat maranehanana kalayan keridhoan jeung ampunan Kaula." Dan Ia berkata, :
ﺳﻠﻮﻧﻲ ﻓﻮﻋﺰﺗﻲ ﻭﺟﻼﻟﻲ ﻻ ﺗﺴﺄﻟﻮﻧﻲ ﺍﻟﻴﻮﻡ ﺷﻴﺌﺎ ﻓﻲ ﺟﻤﻌﻜﻢ ﻫﺬﺍ ﻵﺧﺮﺗﻜﻢ ﺇﻻّ ﺃﻋﻄﻴﺘﻜﻤﻮﻩ ﻭﻻ ﻟﺪﻧﻴﺎﻛﻢ ﺇﻻ ﻧﻈﺮﺕ ﻟﻜﻢ، ﺍﻧﺼﺮﻓﻮﺍ ﻣﻐﻔﻮﺭﺍً ﻟﻜﻢ، ﻗﺪ ﺃﺭﺿﻴﺘﻤﻮﻧﻲ ﻭﺭﺿﻴﺖ ﻋﻨﻜﻢ . ‏( ﺣﺪﻳﺚ ﻣﺮﻓﻮﻉ ﺧﺮﺟﻪ ﺳﻠﻤﺔ ﺑﻦ ﺷﺒﻴﺐ ﻓﻲ ﻛﺘﺎﺏ ﻓﻀﺎﺋﻞ ﺭﻣﻀﺎﻥ ﻭﻏﻴﺮﻩ )
"Pek menta kalayan kaMuliaan Kaula jeung kaAgungan Kaula, moal samata-mata anjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan aherat, kecuali ku Kaula dibikeun keur aranjeun, jeung moal samata-mata aranjeun menta dina poe iyeu keur kahirupan dunia, kecuali ku Kaula ditingalikeun keur aranjeun, Aranjeun geus ngajadikeun Kaula ridho jeung Kaula ridho ka kalian." (Hadits dikaluarkeun ku Salamah bin Syabib dina kitab keutamaan ramadhan)
Mudah-mudahan Allah SWT nampi kana sadaya rupi amal ibadah urang salami sasih ramadhan, nampi kana ibadah shaum urang, nampi kana qiyamul lail urang, nampi kana rukuk jeung sujud urang, nampi kana kakhusyuan jeung karendahan hate urang.
Oge mudah-mudahan Allah nyampurnakeun kana kalalaian sareng kakurangan amal-amal urang. Oge mudah-mudahan Allah maparinan ka urang sadayana hate anu khusyu, elmu anu manfaat, kaimanan anu kuat, kayakinan anu bener, jenung amal anu shaleh. Oge urang sadayana mundut ka Allah, mudah-mudahan Allah maparinan ka urang sadayana agama anu lurus, kasaean anu seueur jeung ampunan, oge maparinan kasehatan anu sampurna, sareng ngajantenkeun urang sadayana jalmi anu bersyukur kana kasehatan. Oge mudah-mudahan Allah maparinan ka urang sadayana kakayaan anu berlimpah anu datang ti sadaya penjuru, Aamiin…
ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ … ﺍَﻟﻠﻪُ ﺃَﻛْﺒَﺮُ ﻭَﻟِﻠّﻪِ ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ
Kaum Muslimin Yang Dimuliakan Allah swt.
Hari raya iyeu disebat Idul Fitri anu hartosna nyaeta kembali kana fitrah sebagai manusia, Maka dina waktu lebaran ini mangrupikeun waktu anu tepat kanggo urang sadayana nyambungkeun deui tali silaturrahmi antara sasama. ku jalan silih hampura dosa jeung kesalahan papada Urang. Boh bilih aya kalakuan atawa cariosan anu menyinggung perasaan papada jalmi, dina waktos iyeu urang silih lubarkeun
Rasulullah SAW ngadawuh:
ﻣَﻦْ ﻛَﺎﻥَ ﻳُﺆْﻣِﻦُ ﺑِﺎﻟﻠَّﻪِ ﻭَﺍﻟْﻴَﻮْﻡِ ﺍﻟْﺂﺧِﺮِ؛ ﻓَﻠْﻴَﺼِﻞْ ﺭَﺣِﻤَﻪ
“Barang siapa beriman kepada Allah dan hari akhir; hendaklah ia menjalin silaturrahim”. (HR. Bukhari)
Fitrah mangrupikeun hiji potensi anu di paparinkeun ku Alloh SWT ka satiap jalmi nalika dilahikeun ka alam dunia iyeu. potensi iyeu nyaeta urang dilahirkeun dina kaayaan beresih tina sagala dosa saperti kertas kosong, nanging dina kahirupan sahari-hari, satiap jalmi pasti ngalakukeun dosa anu matak ngotoran kana potensi fitrah eta. boh dosa anu dihaja atanapi teu dihaja, boh anu karaos, nyakitu deui anu teu karaos. maka dina idul fitri iyeu, urang sadayana ngaharepkeun dikaluarkeun tina bulan Romadon kalayan beresih deui tina segala dosa saperti nalika urang lahirkeun.
Anu saterasana urang ngajaga jeung ngaraksa diri supados fitrah iyeu henteu gampang luntur ku dosa anu bakal ngotoran kana diri urang.
Mudah-mudahan sagala rupi Do'a sareng pamundut urang saenggalna dikabulkeun ku Alloh SWT. Boh dina urusan Duniana, boh dina urusan aheratna. digampangkeun sareng diluaskeun Rizki, dikabulkeun sagala cita-cita, di cukupkeun sagala kabutuhan, sareng dikaluarkeun tina sagala rupi kasulitan. Amin...
ﺑﺎﺭﻙ ﺍﻟﻠﻪ ﻟﻲ ﻭﻟﻜﻢ ﻓﻲ ﺍﻟﻘﺮﺁﻥ ﺍﻟﻌﻈﻴﻢ، ﻭﻧﻔﻌﻨﻲ ﻭﺇﻳﺎﻛﻢ ﺑﻤﺎ ﻓﻴﻪ ﻣﻦ ﺍﻵﻳﺎﺕ ﻭﺍﻟﺬﻛﺮ ﺍﻟﺤﻜﻴﻢ، ﻭﺃﺳﺘﻐﻔﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺍﻟﻌﻈﻴﻢ ﺍﻟﺠﻠﻴﻞ ﻟﻲ ﻭﻟﻜﻢ ﻭﻟﺴﺎﺋﺮ ﺍﻟﻤﺴﻠﻤﻴﻦ ﻣﻦ ﻛﻞ ﺫﻧﺐ، ﻓﺎﺳﺘﻐﻔﺮﻭﻩ ﺇﻧﻪ ﻫﻮ ﺍﻟﻐﻔﻮﺭ ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ
Contoh Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda Singkat Terbaru : Khutbah kadua
ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ ﺍﻟﻠﻪ ﺃﻛﺒﺮ
ﺍﻟْﺤَﻤْﺪُ ﻟِﻠَّﻪِ ﺍﻟَّﺬِﻱ ﺃَﺭْﺳَﻞَ ﺭَﺳُﻮﻟَﻪُ ﺑِﺎﻟْﻬُﺪَﻯ ﻭَﺩِﻳﻦِ ﺍﻟْﺤَﻖِّ ﻟِﻴُﻈْﻬِﺮَﻩُ ﻋَﻠَﻰ ﺍﻟﺪِّﻳﻦِ ﻛُﻠِّﻪِ ﻭَﻟَﻮْ ﻛَﺮِﻩَ ﺍﻟْﻤُﺸْﺮِﻛُﻮﻥَ
ﺃَﺷْﻬَﺪُ ﺃﻥْ ﻻ ﺇﻟَﻪَ ﺇﻻ ﺍﻟﻠﻪُ ﻭَﺣْﺪَﻩُ ﻻ ﺷَﺮِﻳﻚَ ﻟَﻪُ، ﻭﺃﺷﻬﺪُ ﺃﻥَّ ﻣُﺤَﻤَّﺪًﺍ ﻋﺒْﺪُﻩ ﻭﺭَﺳُﻮﻟُﻪ
ﺍَﻣَّﺎ ﺑَﻌْﺪُ : ﻓَﻴَﺎﻋِﺒَﺎﺩَ ﺍﻟﻠﻪِ : ﺍُﻭْﺻِﻴْﻜُﻢْ ﻭَﻧَﻔْﺴِﻲ ﺑِﺘَﻘْﻮَ ﺍﻟﻠﻪِ ﻭَﻃَﺎﻋَﺘِﻪِ ﻟَﻌَﻠَّﻜُﻢْ ﺗُﻔْﻠِﺤُﻮْﻥَ
ﻗَﺎﻝَ ﺍﻟﻠﻪُ ﺗَﻌَﺎﻟَﻰ ﻓِﻰ ﺍﻟْﻘُﺮْﺁﻥِ ﺍﻟْﻜَﺮِﻳْﻢِ
ﻳَﺎﺃَﻳُّﻬَﺎ ﺍﻟَّﺬِﻳﻦَ ﺁﻣَﻨُﻮﺍ ﺍﺗَّﻘُﻮﺍ ﺍﻟﻠَّﻪَ ﺣَﻖَّ ﺗُﻘَﺎﺗِﻪِ ﻭَﻻ ﺗَﻤُﻮﺗُﻦَّ ﺇِﻻ ﻭَﺃَﻧْﺘُﻢْ ﻣُﺴْﻠِﻤُﻮﻥَ
ﺍﻟﻠﻬﻢ ﺻَﻞِّ ﻭَﺍﻟﺴَّﻠَﻢُ ﻭَﺑَﺎﺭَﻙَ ﻋَﻠَﻰ ﺳَﻴِّﺪِ ﻧَﺎ ﻣُﺤَﻤَّﺪٍ ﻭَﻋَﻠَﻰ ﺃﻟﻪ ﻭَﺃَﺻْﺤَﺎﺑِﻪِ ﺃَﺟْﻤَﻌِﻴْﻦَ
ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻧْﺼُﺮْﻧَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﻨَّﺎﺻِﺮِﻳْﻦَ ﻭَﺍﻓﺘَْﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟْﻔَﺎﺗِﺤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻏْﻔِﺮْ ﻟَﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟْﻐَﺎﻓِﺮِﻳْﻦَ ﻭَﺍﺭْﺣﻤَْﻨَﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﺮَّﺍﺣِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﺭْﺯُﻗﻨَْﺎ ﻓَﺎِﻧَّﻚَ ﺧَﻴْﺮُ ﺍﻟﺮَّﺍﺯِﻗِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻫْﺪِﻧَﺎ ﻭَﻧَﺠِّﻨَﺎ ﻣِﻦَ ﺍﻟْﻘَﻮْﻡِ ﺍﻟﻈَّﺎﻟِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻜَﺎﻓِﺮِﻳْﻦَ .
ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺩِﻳﻨَْﻨﺎَ ﺍﻟَّﺬِﻯ ﻫُﻮَ ﻋِﺼْﻤَﺔُ ﺃَﻣْﺮِﻧَﺎ ﻭَﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺩُﻧﻴَْﺎﻥَ ﺍﻟَّﺘِﻰ ﻓِﻴْﻬَﺎ ﻣَﻌَﺎﺷُﻨَﺎ ﻭَﺃَﺻْﻠِﺢْ ﻟَﻨَﺎ ﺁﺧِﺮَﺗﻨََﺎ ﺍﻟَّﺘِﻰ ﻓِﻴْﻬَﺎ ﻣَﻌَﺎﺩُﻧَﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻞِ ﺍﻟﺤَْﻴَﺎﺓَ ﺯِﻳَﺎﺩَﺓً ﻟَﻨَﺎ ﻓِﻰ ﻛُﻞِّ ﺧَﻴْﺮٍ ﻭَﺍﺟْﻌَﻞِ ﺍﻟْﻤَﻮْﺕَ ﺭَﺍﺣَﺔً ﻟَﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﻛُﻞِّ ﺷﺮٍّ
ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻗْﺴِﻢْ ﻟَﻨَﺎ ﻣِﻦْ ﺧَﺸْﻴَﺘِﻚَ ﻣَﺎﺗَﺤُﻮْﻝُ ﺑﻴَْﻨَﻨَﺎ ﻭَﺑﻴَْﻦَ ﻣَﻌْﺼِﻴَﺘِﻚَ ﻭَﻣِﻦْ ﻃَﺎﻋَﺘِﻚَ ﻣَﺎ ﺗﺒَُﻠِّﻐُﻨَﺎﺑِﻪِ ﺟَﻨَّﺘَﻚَ ﻭَﻣِﻦَ ﺍﻟْﻴَﻘِﻴْﻦِ ﻣَﺎﺗﻬَُﻮِّﻥُ ﺑِﻪِ ﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ ﻣَﺼَﺎﺋِﺐَ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ . ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﻣَﺘِّﻌْﻨَﺎ ﺑِﺄَﺳﻤَْﺎﻋِﻨَﺎ ﻭَﺃَﺑْﺼَﺎﺭِﻧَﺎ ﻭَﻗﻮَُّﺗِﻨَﺎ ﻣَﺎ ﺃَﺣْﻴَﻴْﺘَﻨَﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻠْﻪُ ﺍﻟْﻮَﺍﺭِﺙَ ﻣِﻨَّﺎ ﻭَﺍﺟْﻌَﻠْﻪُ ﺛَﺄْﺭَﻧَﺎ ﻋَﻠَﻰ ﻣَﻦْ ﻋَﺎﺩﺍَﻧَﺎ ﻭَﻻَ ﺗَﺠْﻌَﻞْ ﻣُﺼِﻴْﺒَﺘَﻨَﺎ ﻓِﻰ ﺩِﻳْﻨِﻨَﺎﻭَﻻَ ﺗَﺠْﻌَﻞِ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ ﺃَﻛْﺒَﺮَ ﻫَﻤِّﻨَﺎ ﻭَﻻَ ﻣَﺒْﻠَﻎَ ﻋِﻠْﻤِﻨَﺎ ﻭَﻻَ ﺗُﺴَﻠِّﻂْ ﻋَﻠَﻴْﻨَﺎ ﻣَﻦْ ﻻَ ﻳﺮَْﺣﻤَُﻨَﺎ
ﺍَﻟﻠَّﻬُﻢَّ ﺍﻏْﻔِﺮْ ﻟِﻠْﻤُﺴْﻠِﻤِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻤُﺴْﻠِﻤَﺎﺕِ ﻭَﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨِﻴْﻦَ ﻭَﺍﻟْﻤُﺆْﻣِﻨَﺎﺕِ ﺍَﻷَﺣْﻴَﺎﺀِ ﻣِﻨْﻬُﻢْ ﻭَﺍﻷَﻣْﻮَﺍﺕِ ﺍِﻧَّﻚَ ﺳﻤَِﻴْﻊٌ ﻗَﺮِﻳْﺐٌ ﻣُﺠِﻴْﺐُ ﺍﻟﺪَّﻋْﻮَﺍﺕِ .
ﺭَﺑﻨََّﺎ ﺍَﺗِﻨَﺎ ﻓِﻰ ﺍﻟﺪُّﻧﻴَْﺎ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻓِﻰ ﺍﻷَﺧِﺮَﺓِ ﺣَﺴَﻨَﺔً ﻭَﻗِﻨَﺎ ﻋَﺬَﺍﺏَ ﺍﻟﻨَّﺎﺭِ

No comments:

Post a Comment